Lirik Batan Nganggur - Asep Darso


Lirik Batan Nganggur
by Asep Darso

**
Batan nganggur mending cara batur
Nyoba usaha dagang sora
Goreng jeung alus nomer dua
Anu pentingnamah kuring nyoba

Mugi-mugi jalma baroseneun
Kuloba lagu anu ngeunaheun
Sing papag heula panasaran
Meuli sora kuring nu pas pasan

Sabab gede pisan manfaatna
Batan meuli barang nu teu guna
Maka sing gancang geura boga
Lumayan batan katabrak beca

Kahayang ngalamar ka kantoran
Tapi sok tara aya lowongan
Nu aya ge malah dikurudan
Komo anu ngamimitian

Nyoba usaha jual beuli
Loba ngajual batan meuli
Nginjeum duit modal usaha
Teu dibere da eweuh borhna

Mending ge milih nyumangkeun bakat
Najan bakat bakat ku butuh
Tibatan curing barang penta
Mending dagang sora bari maksa

Cita-cita hayang jadi doktor
Najan ngodok nu kotor-kotor
Komo mun nu dikodoknana bahenol
Lumayan najan saeutik honor

Lantaran taya aya bejana
Doktor anu hirupna sangsara
Teu cara dukun anu di leumbur
Saeutik gawe lobana nganggur

Mangka jadi jalma kudu pinteur
Ngarah heuteu gampang kabalingeur
Neangan gawe pasti teu sulit
Komo lamun dibareungan duit

Back**


source : https://lagusundalirik.blogspot.com/



Related Posts

Subscribe Our Newsletter